NILIK
kana gebyarna acara Féstival Film Bandung 2012, tangtu baé ninggalkeun
hiji pananya: mana ari film produksi urang Bandung? Padahal, dina
sajarah perfilman Indonésia, sidik pisan anu ngamimitian nyieun film téh
datangna ti Bandung. Sanajan anu boga vokalna urang Walanda, tapi film
anu dijieunna Bandung pisan, malah Sunda pisan, nyatana film “Loetoeng
Kasaroeng”, anu dina taun 1926 diproduksi ku NV Java Film Company, kalayan sutradarana G. Kruger jeung L. Heuveldorp. Kilang kitu, para pamaénna mah diwengku
ku aktor-aktris pribumi. Ieu film munggaran di Indonésia téh mimiti
diputer di kota Bandung, ti tanggal 31 Desember 1926 nepi ka 6 Januari
1927 di dua bioskop kakoncara, Bioskop Metropole jeung Bioskop Majestic.
Ku
ayana urang Belanda milih tatar Sunda anu munggaran diangkat kana film,
tangtuna ogé mibanda rupaning alesan. Moal sapati-pati wani nyieun film
anu mibanda latar Sunda, lamun teu kasawang yén film-film Sunda téh
bakal dipikaresep ku balaréa. Di tatar Sunda gudangna carita. Lain baé
film Sunda anu munggaran manggung, da puguh novél anu pangheulana
manggung (medal) ogé taya lian novél nu ngagunakeun basa Sunda, anu
judulna “Baruang ka Nu Ngarora”, karangan DK. Ardiwinata, dipedalkeun ku
Balé Pustaka, taun 1914.
Forum
Film Bandung (FFB) katémbong leuwih mibanda kapercayaan diri kana
kualitas film anu mibanda latar kasangtukang Sunda. Katitén FFB kana
film Sunda, salahsahijina dibuktikeun ku digelarna diskusi anu jejerna
“Mengangkat Karya Sastra Sunda ke Dalam Film Indonesia”. Najan perelu
ngalalanyahan deui ti mimiti, tapi lamun miang tina sajarah perfilman,
sigana cita-cita FFB téh lain saukur impian. Di satengahing palagan
téknologi perfilman nu beuki maju, tangtuna ogé urang Sunda ulah saukur
jadi nu lalajo. Film Sunda, kudu karasa nyundana, ulah siga film
Indonésia anu teu pati karasa Indonésiana, salian ti basana.
Lamun
urang lalajo film India, ti mimiti detik awal dina tayanganna ogé geus
karasa Indiana. Teu béda jeung lalajo film Mandarin, koréa, Jepang,
jeung sajabana. Para sinéas film di India, kalintang miduli tur reueus
kana budayana. Ku kituna, dina saban lalakon film, salawasna némbongkeun
jati-dirina, tur henteu sérab ku meuweuhna budaya Barat anu dianggap
leuwih modern. Tug nepi ka aksarana ogé tetep dipertahankeun. Ku kituna,
lamun film India atawa Mandarin didabing ku basa Indonésia, tetep baé
moal dianggap film Indonésia. Aya rasa anu teu bisa dirobah, boh dina
lalakonna, pon kitu deui dina cara ngagarapna.
Kiwari
dunya film di Indonésia didominasi ku urang Jakarta. Para sineas film
lolobana lulusan IKJ (Institut Kesenian Jakarta). Rumah Produksi riab di
Jakarta. Ku kituna, lamun urang Bandung hayang makalangan di dunya
film, tangtu kudu wani ngaprak ka Jakarta. Anu matak hélok, urang
Jakarta mindeng ngagunakeun lokasi syuting di Bandung. Jadi, naha atuh
lain urang Bandung sorangan anu nyarieun film di Bandung, tur hasilna
adukeun jeung produk Jakarta.
Sawatara
taun katukang, di Bandung kungsi aya Rumah Produksi nu ngaranna ESA
Production. Éta ogé produserna mah lain urang Sunda. Kilang kitu, film
anu dijieunna loba nu némbongkeun latar Sunda, katut aktor-aktrisna
ngarékrut urang Sunda. Hasilna bisa ditayangkeun di télévisi nasional nu
kakoncara. Hanjakal pisan, lila-lila beuki kaléléd ku produksi Jakarta,
tug nepi ka antukna eureun mroduksi. Ti saprak harita, tacan kungsi
kacaturkeun deui Rumah Produksi anu produktip nyieunan sinétron.
Padahal, lamun ngeunteung kana lalakon ESA Production mangsa keur jaya,
sabenerna urang Sunda ogé bakal mampuh nyieun Rumah Produksi anu
medalkeun film-film nu mibanda latar Sunda.
iwari
di Bandung dug-deg télévisi lokal. Tangtuna ogé kasempetan pikeun
ngalalanyahan medalkeun film-film Sunda, misalna filmisasi carpon. Kari
pilihan carpon-carpon petingan anu kasawang pihadéeun diangkat kana
film. Tina filmisasi carpon, tangtu lila-lila mah bakal kana filmisasi
novél Sunda. Pasualanana, ukur kawani, kahayang, kadaék, jeung kacinta.
Henteu bisa sosorangan, da puguh merelukeun waragad. Saha nu wani
ngawaragadanana? Sanggeus kajawab éta pananya mah, asana moal hésé
néangan sinéas film nu boga kahayang, kadaék, jeung kacinta kana budaya
Sunda. Muga, urang Bandung ulah saukur kakoncara punjul dina meunteun
film-film di Indonésia, tapi kudu kakoncara punjul nyieun film-filmna.
Ngan hiji pangjurungna: pasti bakal bisa!***
SUMBER :
http://galuh-purba.com/film-bandung-kudu-manggung/
Tidak ada komentar:
Posting Komentar